Duration : 782 sec. | Views : 58 | Likes : 1 | Comment : 0
KEMBANG TANJUNG PANINUNGAN Sanggihan : Mang Koko Rumpaka : Wahyu Wibisana Anaking jimat awaking Basa ema mulung tanjung rebun-rebun Dipakarangan nu reumis keneh Harita keur kakandungan ku hidep Geus opat tahu ka tukang Ema nyipta mulung bentang Nu marurag peuting tadi Bentang seungit ditiiran, pangangguran.. Anaking jimat awaking Basa ema mulung tanjung reujeung hidep Bet henteu sangka aya nu datang Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep Nu opat poe teu mulang Ngepung gunung Pager Bitis Cenah tiwas peuting tadi Layonna keur kadieukeun, dipulangkan.. Harita waktu layonna geus datang Ema ceurik ieuh balilihan Ras ka hidep ieuh na kandungan Utun inji budak yatim, deudeuh teuing Harita waktu layon geus di gotong Ema inget ieuh kana tanjung Dikalungkeun na pasaran Kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan.. Anaking jimat awaking Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep Kasuat-suat nya pipikiran Tapina kedalna ngan ku hariring Hariring eling ku eling Kana tanjung nu dipulung Eh kembang tanjung Nu nyengitan pakarangan Nu nyengitan hate urang, panineungan..

